1
Bulan nyengcelak
dina suhunan
Sorangan
2
Dina pucuk tangkal awi
gugulayunan bulan
Saha nu ngagulayunken?
3
Bulan katojos
congo munara masjid
Sate bulan
4
Dina balong gede
Bulan umpal-umpalan
teu teuleum2
5
Basa budak ceurik
ditunjukeun ka Bulan
Budak repeh nyerengeh
6
Sore jam tujuh
bulan di beulah wetan
Subuh pias dimumunggang gunung
7
Kamari bulan diteangan
dul-ler, tan-lon cowong *)
ayeuna anjeucle di payuneun
8
Singhoreng anjeun nu teu bisa nyumput
dinu poek. Da mabra
Caangna kamana-mana
9
Peureum lain
Benta lain
Bulan geuning
10
Saliwatan mah Kukupu
Sajorelat Cika-cika
Bulan mah anteng mayeng
11
Bubuy Bulan tos aya
Sate Bulan oge aya
Pulenna Bulan duka nu saha
12
Aya Sora, Sora saha?
teu kadenge. Sora Bulan
tarikna matak kasima
13
Keur kula saha wae jalmana
Percaya, asal siga bulan
Sahadatna
14
Bulan ngaliwat di jalan tol, trotoar
Bulan meuntasan walungan, kuburan
Bulan teu simaan, teu sieunan
15
Tunggkul Bulan
tanggah bulan
peureum bulan
15
Aya cangkang aya eusi
leuwihna siki
aya bulan tinangtu aya matapoe
17
mun aya Samagaha
poek mongkleng alam dunya
Bulan mah keur nyuruput madu
18
Dina amparan pandan bulan gogoleran
Golek mah darma wawayangan
ingsun sakadar kalangkang
19
Seungitna sedep malem
eta teh kesang bulan
mangrewu-rewu taun ka tukang
20
Sapotong-sapotong
Bulan dientepan
kumaha mun sabulan teu netepan
21
nu nyumput diteangan
keur aya teu dipalere
Bulan ngagebra tibra.
*)Kidul-kaler, wetan-kulon
Grt, tengah taun 2007
Bulan nyengcelak
dina suhunan
Sorangan
2
Dina pucuk tangkal awi
gugulayunan bulan
Saha nu ngagulayunken?
3
Bulan katojos
congo munara masjid
Sate bulan
4
Dina balong gede
Bulan umpal-umpalan
teu teuleum2
5
Basa budak ceurik
ditunjukeun ka Bulan
Budak repeh nyerengeh
6
Sore jam tujuh
bulan di beulah wetan
Subuh pias dimumunggang gunung
7
Kamari bulan diteangan
dul-ler, tan-lon cowong *)
ayeuna anjeucle di payuneun
8
Singhoreng anjeun nu teu bisa nyumput
dinu poek. Da mabra
Caangna kamana-mana
9
Peureum lain
Benta lain
Bulan geuning
10
Saliwatan mah Kukupu
Sajorelat Cika-cika
Bulan mah anteng mayeng
11
Bubuy Bulan tos aya
Sate Bulan oge aya
Pulenna Bulan duka nu saha
12
Aya Sora, Sora saha?
teu kadenge. Sora Bulan
tarikna matak kasima
13
Keur kula saha wae jalmana
Percaya, asal siga bulan
Sahadatna
14
Bulan ngaliwat di jalan tol, trotoar
Bulan meuntasan walungan, kuburan
Bulan teu simaan, teu sieunan
15
Tunggkul Bulan
tanggah bulan
peureum bulan
15
Aya cangkang aya eusi
leuwihna siki
aya bulan tinangtu aya matapoe
17
mun aya Samagaha
poek mongkleng alam dunya
Bulan mah keur nyuruput madu
18
Dina amparan pandan bulan gogoleran
Golek mah darma wawayangan
ingsun sakadar kalangkang
19
Seungitna sedep malem
eta teh kesang bulan
mangrewu-rewu taun ka tukang
20
Sapotong-sapotong
Bulan dientepan
kumaha mun sabulan teu netepan
21
nu nyumput diteangan
keur aya teu dipalere
Bulan ngagebra tibra.
*)Kidul-kaler, wetan-kulon
Grt, tengah taun 2007